Sopyan Hardyansyah. Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

LAPORAN PANALUNGTIKAN

LAPORAN PANALUNGTIKAN

LAPORAN PANALUNGTIKAN

SASAKALA ASAL-USUL NGARAN DẺSA-DẺSA DI BANJARAN KABUPATẺN BANDUNG

Diajukeun pikeun nyumponan tugas ahir mata kuliah “Kamahéran Basa Sunda” nu di ampu ku Bapak. Agus Suhẻrman, M. Hum.

 

Ku:

 

Sopyan Hardyansyah

Semester 4 B

Nim: B1C100084

 

 

PRODI BAHASA SASTRA INDONESIA DAN DAERAH (BSID)

FAKULTAS KEGURUAN DAN ILMU PENDIDIKAN (FKIP)

UNIVERSITAS BALE BANDUNG (UNIBBA)

2012

 

Panjajap

 

Assalamualaikum Wr. Wb

Alhamdullilah hirobbil alamin, puji syukur urang panjatkeun ka hadirat mantenNa, margi kalayan widi mantenNa panalungtikan “SASAKALA ASAL-USUL NGARAN DESA-DESA DI BANJARAN KABUPATEN BANDUNG” téh parantos réngsé.

Dina prosés panalungtikan ieu, teu sakedik hambatan anu pasanggrok jeung panalungtik, namung tikitu, kalayan widi mantenNa, panaluntik téh teu burung tiasa nyumponan tugas. Atuh haturan nuhun ka pihak anu parantos ngabantos, naha dina widang morilna atanapi matérilna. Tug tepikeun ka réngséna ieu proses panalungtikan.

Dina proses panalungtikan, panalungtik sabilulungan jeung réngréngan ti Késbang Linmas (Kesatuan Bangsa dan Perlindungan Masyarakat) Kabupaten Bandung nu perenah di Soréang Kabupaten Bandung, sarta pihak-pihak Kecamatan Banjaran Kabupatén Bandung.

Luhung harepan, ieu hasil panalungtikan téh saheunteuna tiasa janten référénsi pikeun nu sanésna, khususna kanggo panalungtik. Ari umumna mah kanggo kanu maca baé.

Dina panyusunan sarta tina panyajian ieu “Laporan Panalungtikan” téh teu sakedik kakurangannana, kusabab ti kitu, simkuring ti pihak pribadi, neda luhung pangapunten, margi panalungtik téh masih dina prosés wulangeun kénéh.

 

 

 

 

 

 

i

 

DAFTAR EUSI

 

Panjajap………………………………………………………………………………….i

Daftar eusi……………………………………………………………………………...ii

BAB I

1.1  Cukang Lantaran…………………………………………………………………...1

1.2  Rumusan Masalah………………………………………………………………….2

1.3  Tujuan Panalungtikan………………………………………………………………2

1.4  Manfaat Panalungtikan……………………………………………………………..2

1.5  Mètode Panalungtikan……………………………………………………………...2

1.6  Tempat sarta Waktu Kegiatan Panalungtikan……………………………………...3

1.7  Sumber-sumber rèfèrènsi…………………………………………………………...3

1.8  Lampiran-lampiran…………………………………………………………………4

 

BAB II

Asal-usul Masing-masing Ngaran di Desa Banjaran.............................................................5

2.1  Asal-usul ngaran Dèsa Ciapus………………………………………………………….5

2.2  Asal-usul ngaran Dèsa Neglasari……………………………………………………….5

2.3  Asal-usul ngaran Dèsa Mekarjaya……………………………………………………...5

2.4  Asal-usul ngaran Dèsa Marga Hurip…………………………………………………...6

2.5  Asal-usul ngaran Dèsa Taraju…………………………………………………………..6

2.6  Asal-usul ngaran Dèsa Banjaran………………………………………………………..6

2.7  Asal-usul ngaran Dèsa Kamasan……………………………………………………….7

2.8  Asal-usul ngaran Dèsa Pasir Mukti…………………………………………………….7

2.9  Asal-usul ngaran Dèsa Sindang Panon…………………………………………………7

2.10          Asal-usul ngaran Dèsa Banjaran Wétan……………………………………………8

2.11          Asal-usul ngaran Dèsa Kiang Roké………………………………………………...8

 

BAB III

Kacindekan…………………………………………………………………………….9-10

3.1 Kacindekan…………………………………………………………………………9-10

 

ii

 

BAB I

 

1.1                        Cukang Lantaran

Bangsa nu beunghar jeung raharja téh nyaéta bangsa anu luhur ajénna kana sajarah Bangsa, naha dina widang sajarah lokal (kadaérahan) atanapi Nasional (lingkup Nagara). Dina prak-prakannana, ieu ajén-inajén téh, bisa diwujudkeun kana polah nyata, ku cara nambah ranah kacangkem sajarah lokal anu sipatna kadaérahan atanapi Nasional. Hal éta, dimaksadkeun pikeun nuwuhkeun kasadaran pentingna pangaweruh sajarah, pikeun katahanan Nasional hiji Bangsa. Manusa bakal leuwih hadé karaktérna lamun seug manéhna mikaweruh sajarah jaman kapungkur, sabab sajarah téh tiasa dijantenkeun pieunteungeun keur kahareupna, ngambéh liang jungkrang kapungkur teu ka dampal deui.

Pakuat-kait jeung katahanan Nasional, sahenteuna dibutuhkeun aprésiasi anu luhung patali jeung pangaweruh kasajarahan Lokal atanapi Nasional, ti paranonoman-nonoman anu cindekna, jaga bakal janten generasi panerus Bangsa. Ku kituna diharepkeun generasi Bangsa téh miboga rasa katrésna sarta panghargaan anu luhung ka para pajuang dina jaman satukangeun jeung mangsa kakiwarinakeun. Namung, kumaha ajén-inajén bisa ngawujud mun seug nonoman-nonomanna teu pernah ngupayakeun milari kasajarahan Lokal atanapi Nasionalna.

Ku ayana sabangsaning arsip-arsip sajarah sarta carita-carita rakyat nu teu dipikawanoh ku masyarakat luas téh, ngagambarkeun ayana beungbeurat dina ngawanohkeun sajarah sosial-budaya. Sedengkeun masyarakat, kawilang perlu mikawanoh sajarah Lokal atanapi Nasional Bangsana, pikeun janten alat nuwuhkeun kasadaran béla Bangsa sarta Nagara. Jaba ti éta, watésan sajarah pikeun dicaritakeun ti para sesepuh téh, bisa di artikeun teu sagawayahna carita pikeun di jéntré-wélékeun kasapada-pada jalma, sabab aya kénéh kayakinan ngaramatkeun wanda-wanda buhun, titinggal para karuhun, atanapi bisa ogé di tapsirkeun kurangna ranah kosa kata basa sarta karundayan cumarita pikeun nyaritakeunana. Namun ti kitu panalungtik, ngusahakeun kumacarana sangkan bisa mikawanoh kana sajarah lokal, ku cara ngayakeun hubungan jeung pihak Kesbang Linmas Kabupatén Bandung sarta Pihak-pihak kecamatan Banjaran Kabupatèn Bandung.

 

1.2  Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina panalungtikan ieu nya éta, sakumaha anu diruntuy di handap:

 

1.      sabaraha jumlah Desa nu karangkum di wilayah Banjaran?

2.      kumaha sajarah masing-masing ngaran di wilayah Banjaran tèh?

 

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dina panalungtikan ieu, panalungtik miboga sababaraha tujuan nu jadi acuanana, nyaéta sapertos anu kauger dihandap ieu:

1. Sangkan mikaweruh kana jumlah Desa anu karangkum diwewengkon Banjaran, sarta mikawanoh kana sajarah asal-usul masing-masing ngaran desa

2. Pikeun nyumponan Salah-Sahiji tugas mata kuliah Basa Sunda nu diampu ku: Agus Suherman, M. Hum.

 

1.4 Manfaat Panalungtikan

Hasil tina panalungtikan panalungtik téh, bakalna dijadikeun media piwulang pikeun murangkalih sakola dina wujud teks, guna kapentingan pendidikan, hal ieu dimaksudkeun pikeun ajang ngawanohkeun sarta mikaya wanda èlmu pangaweruh khususna dina widang sajarah daèrah nu pakuat-kait jeung sasakala asal-usul ngaran dèsa dina kontèks Banjaran. Jaba ti kitu, ieu hasil panalungtikan téh, mugi-mugi tiasa janten sumber référénsi jeung motipasi pikeun panalungtik khususna, sarta umumna mah kanggo pamaca baè.

 

1.5 Métode panalungtikan

Dina panalungtikan ieu, panalungtik ngagunakeun métode kualitatif ku jalaran obsérvasi ka tempat panalungtikan, nyaéta daérah Banjaran Kabupatén Bandung. Jaba ti éta panalungtik gé ngayakeun obrol guneman reujeung pihak Késbang Linmas (Kesatuan Bangsa dan Perlindungan Masyarakat) sarta pihak instansi Kecamatan Banjaran Kabupatén Bandung. Pikeun nguatkeun katerangan-kateranganana, dibutuhkeun sumber référénsi mangrupa buku atanapi hal liana nu sipatna dokuméntér ti pihak terkait. Sabab ti kitu, ieu panalungtikan téh sipatna ilmiah – luyu jeung fakta anu aya di lapangan observasi. Ayana buku referensi ti pihak terkait, digunakeun pikeun kajian pustaka ku panalungtik.

Jaba ti ngagunakeun métode kualitatif, panalungtik gé ngagunakeun métode kuantitatif, lantaran dina panalungtikan ieu panalungtik saméméhna ngarencanakeun jeung nentukeun naon-naon anu bakal jadi objek panalungtikan. Aya pon kitu, rencana panalungtikan téh raket patali sareng rumusan masalah, nu dijadikeun rèfèrèn. Data anu wujudna statistik, sapertos jumlah warga di wewengkon Banjaran, bakalna digunakeun pikeun data kuantitatif dina laporan panalungtikan. Sabab ti kitu, panalungtik cindekna mah ngagunakeun metode kualitatif sareng kuantitatif dina panalungtikanana.

 

1.6 Tempat sarta Waktu Kagiatan Panalungtikan

Prak-prakan, panalungtikan téh dilaksanakeun dina:

Tgl/dinten: 7 Maret s/d réngsé

Tempat : Wewengkon Banjaran

 

1.7  Sumber-sumber rèfèrènsi

Sumber-sumber référénsi anu digunakeun dina panalungtikan ieu téh nyaéta tina hasil wawancara ka warga di Désa-désa Banjaran, Kabupaten Bandung. Ieu hasil tina wawancara ti warga téh ngahasilkeun data kualitatif. Dina prak-prakanana wawancara, pihak anu diwawancara teu di cantumkeun wastana pikeun tujuan etika sarta karusiahan. Jaba ti kitu, sumber séjén sapertos data monografi Kecamatan Banjaran, Kabupatén Bandung gé, janten salah-sahiji référén informasi panalungtikan, anu pakuat-kait sareng data kuantitatif.

 

 

1.8  Lampiran-lampiran

Dina laporan panalungtikan ieu, panalungtik ngalampirkeun hal anu dianggap penting sangkan janten panglengkep, sapertos:

1.      Data monografi Kecamatan Banjaran, Kabupatèn Bandung (dilampir).

 

BAB II

 

Asal-usul Masing-masing Ngaran di Dèsa Banjaran

Dumasar kana data monografi Kecamatan Banjaran - Kabupatén Bandung, Kecamatan Banjaran téh diwengku ku sabelas Desa. Aya oge kasabelasanana aya dina runtuyan Sub-Bab ieu dihandap - baréng jeung asal-usul masing-masing sajarah pangna dingaranan kitu:

 

2.1  Asal-usul ngaran Dèsa Ciapus

Pangna ieu dèsa dingaranan Ciapus tèh kusabab di daèrah ieu aya hiji puseur cai, anu engkèna ngalir kamana-mana. Ieu puseur cai tèh ilaharna jadi sumber pikeun nyumponan sagala kabutuhan warga. Kapungkurna mah ieu di puseur cai, loba pisan sato-sato anu hirup didinya, saperti misalna, manuk hahayaman sarta manuk belekok. Caina gè kawilang beresih tur asri, tepikeun ka lauk-laukna gè kataringgali. Kulantaran kaayaanana anu sapertos kitu, nya dingaranan wèh ieu dèsa tèh ku ngaran Dèsa Ciapus.

 

2.2  Asal-usul ngaran Dèsa Nèglasari

Néglasari téh asal kecapna tina kecap “Négla” anu ngandung maksud katingali timamana. Jaba ti kitu, kecap “Négla” téh bisa disinonimkeun reujeung kecap lega atawa nemrak, teu buni barang saeutik gé, numatak bisa katingali timamana. Lantaran kaayaan tipografisna anu sajiga kitu, nya dingaranan wéh ieu désa téh ku ngaran Desa Néglasari.

 

2.3  Asal-usul ngaran Dèsa Mekarjaya

Desa Mekarjaya tèh, salah-sahiji tina hasil pamekaran ti Desa Ciapus. Pangna ieu dèsa di ngaranan kitu tèh sabab dadasarna mah nilik kana rèfèrèn dèsa hasil pamekaran ti dèsa anu miboga kakawasaan. Nilik kana wangun kecapna, Mekarjaya diwengku ku dua kecap nyaèta: Mekar anu ngandung harti “mencar atawa ngalobaan”; sedengkeun Jaya, ngandung harti Ngawasa atawa maju”. Jadi Mekarjaya tèh nyaèta dèsa hasil mencarkeun sabagian wilayah anu geus dipencar ti dèsa anu geus jaya (maju).

2.4  Asal-usul ngaran Dèsa Marga Hurip

Désa Marga Hurip téh mangrupakeun salah-sahiji Désa anu pesat perkembangan jumlah wargana, sabab saeutik pisan jumlah angka kematian wargana. Jaba ti kitu, ieu Désa téh

miboga babad kapungkurna. Kapungkur mah, basa acan aya lampu, warga téh ilaharna sabada sholat isya sok langsung sararé reujeung pamajikanana séwang-séwangan, sabab kapungkur mah tacan aya listrik, pon kitu deui budak-budakna, da cenah mah sararieuneun ku poék mongkéléngna imah, jadi saacan kolotna sararé téh dipiheulaan ku anak-anakna, atuh kaituna mah jongjon baé pagawéan salaki-pamajikan téh, da sabab euweuh anu ngarewong. Ari balukarna, sabulan kahareup pasti sok kaya hasilna, mucekil bibit pajarna téh. Kitu cenah numutkeun katerangan anu diwawancara mah.

 

2.5  Asal-usul ngaran Dèsa Taraju

Ngaran Taraju tèh dipilih, sabab rèa pisan tukang tarigu di wewengkon dinya. Ari mimitina mah Taraju tèh hiji kecap nu di balibirkeun ku para tukang tarigu dina sempal guyonna – asalna tina kana kecap tarigu, ari dipasar loba tukang tarigu nu sok mindeng nyebut tarigu keur nawar-nawarkeun dagangan tariguna, lila kalilaan èta kecap tarigu tèh ngagèsèr jadi Taraju. Sabab jadi ahèng kecap taraju, jadi wèh dingaranan èta dèsa ku ngaran dèsa Taraju.

 

2.6  Asal-usul ngaran Dèsa Banjaran

Dumasar kana katerangan narasumber anu diwawancara (anonim) mah, pangna Desa Banjaran dingaranan Banjaran téh, kusabab jalan-jalanna lalempeng, kuta-kutana dipelakan tatangkalan parendék, imah-imahna ngajajar sisi jalan, tur pakaranganana raresik, estu pikabetaheun.

Ari harti Banjar sarua jeung jajar, pon kitu deui jajar téh disinonimkeun kana kecap harti baris. Mun kecap Banjar téa ditambahan rarangkén sufiks (-an), janten Banjaran, jadina miboga harti jajaran. Mun disimpulkeun tina référén rundayan diluhur tadi; Banjaran téh nyaéta jalan anu lempeng nu kuta-kutana dipelakan tutuwuhan.

2.7  Asal-usul ngaran Dèsa Kamasan

Numutkeun panyatur anu diwawancara, pangna Desa Kamasan dingaranan kitu téh kusabab baheulana loba tukang kamasan, atawa tukang nyieunan perhiasan tina bahan emas. Tepi ka kiwari ieu ngaran Desa téh katelah Desa Kamasan.

 

2.8  Asal-usul ngaran Dèsa Pasir Mukti

Nurutkeun kana kecapna, pasir mukti téh diwangun ku dua kecap “pasir” jeung “mukti”. Pasir sorangan ngandung maksad lamping atawa gawir; sedengkeun mukti, ngandung maksad nanjung atawa mararaju. Janten kacindekanana, Désa Pasir Mukti téh nyaéta Désa anu perenahna disisi lamping atawa gawir, namung ti kitu, wargana diharepkeun nanjung atawa mararaju, janten wéh dingaranan Désa Pasir Mukti.

 

2.9  Asal-usul ngaran Dèsa Sindang Panon

Numutkeun panyatur anu diwawancara, pangna Desa Sindang Panon dingaranan kitu téh, kusabab baheulana aya hiji mojang anu geulis pisan tepi kawanti-wanti, awakna sampai pakéan, ngandung harti, maké raksukan nanaon gé uni jeung lucu katinggalna. Kaayaan anu kitu téh ditambihan ku adu manis watekna anu bageur tur soméah, anu matak pikaresepeun réa jalma, pangpangna mah kaum lalaki. Mun seug ngaliwat éta mojang, cenah sakur nu ninggal téh sok hayang tuluy baé ninggal, siga-siga sarindang tetempoan.

Sindang panon, wiréh mun di pegatkeun kocapna jadi “sindang” anu ngandung makna singgah atawa linggih jeung “panon” anu ngandung maksad panca indera manusa anu ilahar aya dina soca; sedengkeun kecap soca sorangan sinoniman reujeung kecap panon.

 

2.10          Asal-usul ngaran Dèsa Banjaran Wétan

Nu matak dingaranan Desa banjaran Wétan, ieu Banjaran Wétan téh ayana diwilayah daérah wétan, janteun didasarkeun kana lokasina nu perenah di wewengkon wétan. Sedengkeun kecap Banjaranana mah nurun bae tina ngaran Banjaran anu jadi kecamatanana. Nu perenahna éta kecamatan téh dipusat kotana.

2.11          Asal-usul ngaran Dèsa Kiang Roké

Pangna ieu dèsa dingaranan Dèsa kiang rokè, sabab baheulana ieu dèsa tèh masih kènèh leuweung geledegan. Atuh kaayaanana gè teu siga ayeuna lènglang sarta ramè kunu dagang, atawa ku jalan lalu lintas. Sabab palataranana masih kènèh leuweung, baheula mah katelah didinya tèh rèa pisan sora manuk nu sadana kiang-kiang meni kubentès deuih sorana tèh sarta ku raramè, siga-siga nu keur karokè baè, pikeun tandang paalus-alus sora. Sabab sorana kiang-kiang, manuk èta tèh dingaranan manuk kiang. Atuh tatar anu kaeunteupan kumanuk kiang èta ayeuna mah katelah ku ngaran dèsa kiang roke.

 

BAB III

 

3.1 Kacindekan

Pamèrèan ngaran-ngaran Dèsa di daèrah Banjaran; jèjèbragna mah, didasarkeun kana situasi sarta kondisi lingkungan sakitar. Anu prak-prakanana, mangaruhan kana pragmatis warga di sabudeureunana. Hal èta tèh bisa tèmbong dina kumaha warga di lingkup Banjaran mèrè ngaran kana masing-masing Dèsa disabudeureunana.

Pamèrèan ngaran dèsa-dèsa di sabudeureun Banjaran tèh mun dicindekeun kana èlmuning basa mah, didasarkeun kana èlmu sintaksis-semantik, dimana hiji kecap miboga hubungan reujeung kecap sèjèna dina hiji frasa, kalimah, paragraf, atawa wacana. Contona tembong dina:

1.      Babad asal-usul ngaran Desa Ciapus, nu didasarkeun kana kecap “Ci” nu ngandung makna “Cai” rajeung “Pus” anu ngandung maksud “puseur”. Jadi ciapus tèh nyaeta frasa anu ngandung maksud puseur cai.

2.      Asal-usul ngaran Dèsa Neglasari: didasarkeun kana kecap “Negla” nu ngandung makna “Negrak” rajeung “Sari” anu ngandung maksud “pangaboga anu uni”, jadi neglasari tèh nyaèta hiji wewengkon anu negrak atawa teu buni wilayahna, sarta kaayaanana ogè araruni.

3.      Asal-usul ngaran Dèsa Mekarjaya: Dèsa Mekarjaya mangrupakeun salah-sahiji tina hasil pamekaran ti Desa Ciapus nu didasarkeun kana kecap “Mekar” nu ngandung makna “mencar atawa ngalobaan” rajeung “Jaya” anu ngandung maksud “Ngawasa atawa maju”.

4.      Asal-usul ngaran Dèsa Marga Hurip: nu didasarkeun kana kecap “Marga” nu ngandung makna “Warga, sawarga, atawa turunan” rajeung “Hurip” anu ngandung maksud “Hirup”.

5.      Asal-usul ngaran Dèsa Taraju: nu didasarkeun kana kecap “Tarigu” nu ahèng dibalibirkeun padagang tarigu jadi “Taraju”. Jadi wèh dingaranan ieu dèsa ku ngaran desa Taraju.

6.      Asal-usul ngaran Dèsa Banjaran: pangna Desa Banjaran dingaranan Banjaran téh, kusabab jalan-jalanna lalempeng, kuta-kutana dipelakan tatangkalan parendék, imah-imahna ngajajar sisi jalan, tur pakaranganana raresik, èstu pikabetaheun. Banjar sarua jeung jajar; jajar téh disinonimkeun kana kecap harti baris. Kecap Banjar ditambahan rarangkén sufiks (-an), janten Banjaran. Janten kasimpulanana, Banjaran téh nyaéta jalan anu lempeng nu kuta-kutana dipelakan tutuwuhan.

7.      Asal-usul ngaran Dèsa Kamasan: kusabab baheulana loba tukang kamasan, atawa tukang nyieunan perhiasan tina bahan emas.

8.      Asal-usul ngaran Dèsa Pasir Mukti - didasarkeun kana kecap “Pasir” nu ngandung makna “lamping atawa gawir” rajeung “Mukti” anu ngandung maksud “nanjung atawa mararaju”. Janten kacindekanana, Désa Pasir Mukti téh nyaéta Désa anu perenahna disisi lamping atawa gawir, namung ti kitu, wargana diharepkeun nanjung atawa mararaju.

9.      Asal-usul ngaran Dèsa Sindang Panon - didasarkeun kana kecap “sindang” anu ngandung makna “singgah atawa linggih” jeung “panon” anu ngandung maksad “panca indra” manusa anu ilahar aya dina soca; sedengkeun kecap soca sorangan sinoniman reujeung kecap panon.

10.  Asal-usul ngaran Dèsa Banjaran Wétan: didasarkeun kana hasil pamekaran dèsa Banjaran, anu perenahna èta tempatna tèh aya di wewengkon wètan.

11.  Dèsa Kiang Roké didasarkeun kana babad lokasi baheula, yèn didèsa èta kapungkurna rèa pisan sora manuk nu sadana kiang-kiang siga-siga nu keur karokè baè, sorana bèntès sarta ku raramè.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Poskan Komentar