Sopyan Hardyansyah. Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

Conto Carpon

Conto Carpon

POLAH SORANGAN

Meunang:

Sopyan Hardyansyah

 

 

Kuring mah poèkeun baè, lantaran teu boga èlmu pangaweruh siga nu lian, malahan mah gawè tèh rarasaan remen ku dibobodo baè batur. Sakapeung keuheul sorangan, ari teun na saha nu rèk disalahkeunana, kapan uing nu bodo na , pajar cenah bodona beak ti karep ceuk si Gedè Goong.

Si Gèdè Goong tèh landian pikeun jelema nu sok ngagulkeun diri sorangan; sedengkeun ari kabatur mah maèhkeun baè gawè na tèh. Teu paya kasentèt batur - ari teun tukang nyentètan, matak mun dipikir mah sok jangar sorangan, da puguh lain pikiraneun, sabab ceuk Ema jalma kitu mah adatna geus kakurung ku iga, geus jadi watekgeus jadi bangbaluh, jadi teu beunang dibèjaan atawa di arahkeun kanu bener.

Ukur narima nasib wèh meureun, narimakeun kana kaayaan nu teu untung sabeunyeureun, kuring mah da kieu ayana, tapi da kètang najan bodo angger wèh dina rarasaan mah kahayang tèh nya saruakeun wèh atuh jeung nu lian, anu kaistilahkeun pinter, pan akur ari kitu mah. Mun dina paribasa Indonesia mah meureun kieu: duduk sama rendah, berdiri sama tinggi, jadi wèh kaitu na mah saruwa baè gening kabèh jalma tèh, euweuh nu luhung, euweuh nu handap harkat darajatna tèh, iwal ti nu ngabedakeunana mah tingkat kataqwaanana hungkul, pan kitu ceuk Ustad .

Tapina asa teu ngarti uing mah ku si gedè Goong, naha aya jalma pinter tapina kabalinger, ngan sakur pinter ngabobodo batur, aèhaèh si adol, ah, da tapi lain pikiraneun, keun baè cu, ya raga ya badan, keun wèh meunang walesna meureun.

Eujeung ku nyeri deuih rarasaan tèh meni teu beunang ku dikolingan pisan, dihampura ku akal, tapi da angger wèh hatè leutik mah nananyakeun baè, naha ari jalma agul reresepna tèh mupuas sarta magawèan batur, ieu wèh contona mah kuring, ning sok remen di lèlèwè sarta dirèmèhkeun batur, komo ku si Goong Gèdè mah, can tepi ka beureum beungeut uing mah sigana tèh tuluy wèh nyempèdan ningan.

JaangJang Odoonaha aya kitu si kèhmèd di imahna?”

Tah ning si Gèdè Goong, nyampeur ka uing, ongkoh ngèwa, tapi nyampeuran baè ulin anèhna tèh, tapi baèlah da lain pikiraneun ieu si Goong mah, sabab watekna geus kakurung ku iga”, “keun antep, sina rada lila anan nyampeur uingna, sangkan tikorona rada peuraeun, bongan siah tukang nyempèdan batur”.

Geus lila, balik baè geningan ituh”, “keun antep sina rada jauh heula anan, geus jauh rèk di geroan ku uing, antep ngarah capèeun, bongan siah nyapèkeun baè batur

Beuki lila si Goong tèh teu embol punduk-pundukna acan, geus nyaho kitu mah karèk baè digeroan sina balik deui.

Ooong!… Ong!, ieu uing aya yeuh hengèn kadieu!, rèk aya naon ilaing tadi nyampeur?” Ujang Odo beuki aleman seuseurian sorangan.

Tuh, ituh sibelegug, lamun bener euweuh di imah mah tadi meureun pantes baè teu nyaho datang-nyampeurna kuring kamanèhna ? Ning nyahoeun manèhna yèn kuring tadi nyampeur, keun siah karasa siah…”, “rèk tahan harga nyampeurkeunana , antep, sina manèhna anu kadieu”, “Jang! Ieuh kadieu yeuh, ari ieu mahluk naon iyeuyuh! Sugan baè dinya mah apal, ieu gera kadieu!”

Emh, pan tadi tèh ngahaja, matak disina jauh tidieu tèh sangkan manèhna balik deui, ngambèh engkèna capèeun, atuh kuring nu nyampeurkeunana mah, sarua wèh jeung bohong”, “tapi baè wèlah, ari kajurung kurasa panasaran mah, rèk disampeurkeun baè, hayang nyaho naon cenah nu dimaksud si Goong tèhburubut baè manèhna lumpat nyampeurkeun.

Satepina sarta geusan ngarèndèng jeung jang Goong, manèhna lurak-lirik, heug nènjo kaluhur – kana tangkal peuteuy.

Emh, naha ari manèh belegug”, “piraku nupinter teu nyaho nu kitu-kitu acan, ari nukitu èngang ngarana tèh, gera sok kumanèh timbul sayangna moal teu haliber tuluy nyarentèt gera

“Ah teuing da uing mah ngan saukur nanyakeun wungkul ari èta sato naon kitu, anggeus, ari kuhayang-hayang teuing ngabuktikeun kakuring mah sok wèh timbul kumanèh, hayang nyaho bener henteu

Hih gera nya urang timbulpèk ditimbul, nyaan wèh halaliber tuluy nyarentètan ka si Ujang, ari geus kitu mah percaya wèh mun ditimbul bakal haliber sarta nyararoco.

 

28 April 2012

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Poskan Komentar